Saminggu balik ti bulan madu…Kohim ngahaja rek mere kejutan keur Pamajikanna Neng Euis, nyaeta hiji imah anyar...
Kohim : "Neng, Akang hoyong masihan sesuatu ka Neng".
Neng Euis : "Naon, kang?"
Kohim : "Tapi soca Neng kedah ditutupan, ameh suprise !!!”
Neng Euis : "Mangga kang...!!!"
Singkat carita si Kohim nungtun Neng Euis ka imah anyarna. Nepi ka imah anyarna neng Euis teu kuat ngulibek beunteung hayang hitut. Neng Euis nahan-nahan pihituteun da tara pernah pisan hitut harepeun salakina komo bari keur momen kieu mah anyar kawin matak piera-eun pisan pikirna.Tapi Neng Euis teu beak akal.
Neng Euis : "Kang meni asa atoh pisan neng teh, dugi ka halabhab hoyong eeut...!"
Kohim : "Oooh mangga Neng ku akang pang nyandakeun sok antosan geulisnya!"
Sabat si Kohim geus jauh sora lengkahna.
Neng Euis : "tuut.." (ngaluarkeun hitut rada ditahan bisi kadangu-eun ku salakina)
Teu kungsi lila Kohim datang ngasongkeun gelas ka Neng Euis.
Neng Euis : "Akang ieu mah teu amis da neng hoyong cai amis" (na pikir Neng Euis ...ah can sebeuh hitutna)
Kohim : "Mangga Neng geulis pujaan Akang, ku Akang bade digulaan!!!”
(bari ngaleos deui k dapur )
Neng Euis : "tuuuuut...." (langsung hitut deui sabot lengkah salakina ngajauhan)
Kohim datang deui bari ngasongkeun cangkir kana panangan Neng Euis.
Neng Euis : "Aah akang mah kirang amis !!"
(gussstiii ieu hayang keneh hituutt na pikir Neng Euis bari ngarapetkeun suku nahan pihituteun)
Kohim : "Muhun....Muhun urang tambihan gulana”
( bari ngaleos mawa cangkir deui ka dapur)
Sabot salakina ngajauhan....
Neng Euis : "tuut... tuuuuuuuuut broooott !!!"
(ploooong tah pihituteun geus kaluar kabeh pikir neng Euis bari gumujeung laun)
Si Kohim datang ngasongken cangkir kana panangan Neng Euis. Terus eta cai disuruput ku Neng Euis.
Kohim : "Ayeuna ku akang urang buka panutup socana nya Neng !" (bari muka tali nu nutupan panon Neng Euis)
Neng Euis : "Alaaaaah geuning aya Mamah.. Papah... Abahh.. Ambuuuuu... Geuning araya di darieu !!!
Ti iraha araya didieuna ?????" (bari ruyray beureum beungeut ningali kolot si Kohim jeung sakabeh kulawargana aya didinya)
Kontan kabeh ngajawab: "TI MIMITI DIBEKOKAN KUMANEH......!!!"